Lompat ke isi

Protozoa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
protozoa

Protozoa mangrupa jumplukan séjén tina protista eukariotik, manéhna ngan diwangun ku hiji sél tunggal. Kabéh protozoa hirup di cai atawa tempat anu baseuh.[1] Manéhna bisa moro, néangan kadaharan, saterusna nyerepan kadaharan éta.[1] Manéhna bisa nyerep kadaharan éta sarta ngokolakeunana jadi zat anu hirup.[1] Manéhna bisa nafas sarta ngalaksanakeun prosés pameuleuman kana kadaharan anu didahar, tuluy miceun kokotorna sorangan.[1] Protozoa ogé bisa nuluykeun turunan jenisna.[1] Protozoa ngalobaan dirina ku cara meulah diri jadi dua sarta unggal beulahan éta ngajanggélék jadi sato anyar anu kapisah sarta pepek ogé.[1] Tapi bisa ogé ku cara ngabalukarkeun bareuh-bareuh leutik anu disebut kuncup, anu lamun peupeus baris nyieun sato anu anyar sarta kapisah.[1] Aya leuwih ti 15.000 macem protozoa ku kituna para ahli élmu pangaweruh geus ngabagi-bagina dina sagala rupa golongan sarta jumplukan.[1] Dua golongan utama protozoa éta téh “rhizopoda” sarta anu séjénna deui “infusoria”.[1] Jenis Rhizopoda miboga “suku semu” anu bisa ngayun ka sagala rupa jurusan sarta bisa ogé dikenyang balik surut ka dina awakna.[1] Salah sahiji kulawarga golongan ieu anu metot perhatian nyaéta “Foraminifera” atawa si penggurdi liang.[1] Maranéhanana maké kulit kerang leutik-leutik dijieun ti zat kapur, di mana aya liang-liang leutik di dinyana.[1] Sato ieu hirup di sagara anu suhuna panas sarta sedeng.[1] Lamun maot, kulit kerangna éta murag ka dasar sagara sarta salila perédaran jaman anu mangabad-abad lilana sésana téh bakal ngahasilkeun bahan tambang kapur.[1] Infusoria kaasup jenis protozoa anu leuwih hésé susunanana.[1] Manéhna miboga bulu-bulu lemes anu nonjol ka luar ti sélna, anu dipakéna minangka dayung pikeun usik di jero cai.[1] Wangun protozoa anu leuwih maju geus mibanda bulu-bulu buuk anu nonjol sarta disebut “silia”.[1] Protozoa nu tangtu hirup minangka parasit di jero diri manusa atawa sato.[1] Dina tingkat kahirupan maranéhanana anu nu tangtu, maranéhanana nyieun spora.[1] Sawatara ti protozoa ieu ngabalukarkeun panyakit kawas malari sarta panyakit saré dina manusa.[1]

Sistem Transportasi Protozoa

[édit | édit sumber]

Protozoa teu kaasup jumplukan sato tapi kaasup protista jiga sato.[2] Protozoa henteu miboga pakakas transportasi husus.[2] Ku alatan awakna ngan kasusun kana hiji sél, sakumna aktivitas hirupna dilaksanakeun ku sél éta sorangan, kaasup prosés transportasina conto protozoa antara séjén Amoeba sarta Paramecium.[2] Protozoa nyerepan oksigen sarta cai ngaliwatan sakumna permukaan awakna.[2] Zat éta asup ka dina plasma sél.[2] Saterusna zat-zat kasebut medar di jero sitoplasma ngaliwatan prosés difusi.[2] Difusi nyaéta perpindahan zat ti konsentrasi luhur ka konsentrasi pendék. Zat-zat anu dihasilkeun dikunjal ku plasma sél ka membran sél pikeun dikaluarkeun.[2] Jadi, membran sél boga fungsi minangka tempat patukerna zat. Zat-zat asup sarta kaluar sél ngaliwatan mémbran plasma.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. 1979. Apa dan Mengapa?. Jakarta: CV Pelita Indonesia. Kaca 144
  2. a b c d e f g h (id) Syamsuri, Istamar. Biologi Jilid II Untuk SMA Kelas XI Semester 1. Jakarta: Erlangga.