Imah
Harti lain tina imah tempo di Imah (disambiguasi).
Imah dina harti nu geus umum nyaéta struktur wangunan beunang manusa nu dihalangan atawa dipindingan ku dingding jeung diiuhan hateup.[1] Imah mangrupa hiji tempat keur nyingkahan présipitasi, kaanginan, kapanasan, katiisan, gangguan manusa jeung sato.[1] Masarakat sakapeung indit ti imah dina waktu sababaraha poé keur kaperluan digawé jeung rékréasi, tapi umumna balik deui ka imah nu boga fungsi utama keur saré.[1]Imah disebut ogé bumi; rorompok kagunaan utamana pikeun tempat jelema cicing beurang – peuting.[2][3]
Sacara umum imah mibanda hiji jalan asup, nu ilaharna mangrupa panto atawa gapura, kalawan bisa waé mibanda sababaraha jandéla atawa leuwih tihiji.[2] Tapi jaman kiwari mah, geus loba imah anu teu ngan ukur miboga hiji panto.[1]
Konsép imah
[édit | édit sumber]Konsep imah urang Sunda aya 3:
- Buana nyungcung tayalian tempatna para déwa
- Buana Panca Tengah tempat hirup manusa jeung makhluk hirup séjéna
- Buana Larang tayalian tempat pikeun manusa anu geus tilar duanya. [4]
Carita
[édit | édit sumber]Dina tradisi jeung adat masyarakat Sunda, imah panggung hartina henteu napel kana taneuh maksudna pikeun ngahormat ka jalma nu tos teuaya dikieuna. [4]
Sajarah
[édit | édit sumber]Imah geus dipaké tempat cicing ku manusa ti zaman pra-sajarah, mimiti dipaké salaku alternatif pikeun guha. Bahan, gaya, sarta cara nyieun wangunan geus robah-robah sajalan jeung waktu.
Imah urang Éropah barétona ukur mangrupa saung nu kamarna hiji nu ditempatan ku sakabéh kulawarga sarta ingon-ingon, keur ngajaga imah jeung pangeusina tetep haneut salila usum salju.
di antara conto tiheula (nurutkeun umur pangira-ngira nu ditéangan ku para arkéolog), imah nu has waktu harita nyaéta palafitte.
Bentuk séjén
[édit | édit sumber]Wangun séjén imah nyaéta apartemén (atawa flat), nu mangrupa salah sahiji tina sababaraha unit nu aya dina sababaraha tingkat, sarta dipisahkeun ku lantéy, pinding jeung panto tapi dihijikeun pikeun ngawangun hiji wangunan nu leuwih gedé tapi aya dina sahandapeun hiji hateup. Hiji imah nu eusina ukur dua apartemén disebut dupléks. Di Inggris, flat nu boga dua lantéy disebut maisonette. Mansion nyaéta hiji imah nu kacida gedéna, mindengna mah kacida pinuhna ku hiasan tur hargana mahal.[4]
Pangiuhan
[édit | édit sumber]Bentuk pangiuhan (shelter) nu leuwih basajan batan imah di antarana dugout, ténda (tempo ogé kémah), camper, saung, hateup tanpa pinding, atawa struktur kalayan hateup jeung satengah pinding, saperti mindeng katemu dina halte beus, jeung gazébo.
Konstruksi
[édit | édit sumber]Téknik konstruksi imah kiwari anu populér tanya lain ngagunakeun rangka baja ringan, utamanya di daérah anu susah kai keur bahan wangunan.
Imah Tradisional
[édit | édit sumber]Bagian-bagian imah mibanda maksud jeung tujuanna, sanajan kiwari geus laleungitan alatan robahna bahan-bahan anu dipaké dina nyieun imah.[5] Ditempo tina kagunaanna, bagian-bagian dina imah téh kayaning:
- Golodog
- Kolong
- Tatapakan
- Tihang
- Palupuh
- Panto
- Jandéla
- Ampig
- Lalangit
- Hateup atawa suhunan
- Lincar
- Kuda-kuda
- Usuk
- Réng
- Pangheureut
- Pamikul
- Sisiku
Jeung sajabana <ref name=”Mua”_>
Tempo ogé
[édit | édit sumber]Artikel
[édit | édit sumber]- Bahan wangunan
- Co-housing
- Domotics jeung otomasi imah.
- Earth-sheltered home
- Housing estate
- Lustron
- Imah mobil
- Parker Morris Committee
- Penthouse
- Trailer
Daptar
[édit | édit sumber]Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d H Nguyen, Nam (2018). Basic, Intermediate and Advanced Grammar and Composition In English-Sundanese. Jakarta: Nam H Nguyen.
- ↑ a b Danadibrata, R. Alla (2018). Kamus basa SundaKamus basa Sunda, R. Alla Danadibrata. Jakarta: Wedalan Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda, gawe bareng PT Kiblat Buku Utama,jeung Universitas Padjadjaran.
- ↑ Abdurahman Bambang Prawiro, Misno (2015). Pesona Budaya Sunda:: Etnografi Kampung Naga. Jakarta: Deepublish. p. 157. ISBN 9786232091047. Diakses tanggal (disungsi) 10 April 2020.
- ↑ a b c Anwar, Hendi (2013). Rumah Etnik Sunda. Universitas Michigan: Griya Kreasi. p. 8. ISBN 9789796612116. Disungsi24 Desémber 2020
- ↑ Muanas, Dasum (1998). Arsitektur Tradisional Daerah Jawa BaratMuanas. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan RI. p. 41. ISBN - Check
|isbn=
value (bantuan). Disungsi11 Juli 2023