Lompat ke isi

Iguana paul

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Iguana paul

Iguana paul atawa iguana biru nyaéta sato anu ngaran latinna Cyclura Lewisi nu asalna ti kulawarga Iguanidae.[1] Iguana paul mangrupa réptil anu miboga awak warna kulawu nepi ka paul atawa bulao nyacas.[2] Iguana paul ogé dipikawanoh ku jujuluk Iguana Grand Cayman, nu apan ieu iguana téh mangrupa iguana éndemik ti Pulo Grand Cayman.[3] Panalungtikan jeung analisis DNA taun 2004 netepkeun yén ieu iguana paul téh béda sarta lain ngan saukur subspésiés ti cyclura nubila, siga nu disangka-sangka saméméhna.[4] Ieu iguana kaasup réptil anu panglangkana di dunya, sarta dianggap minangka sato nu kaancam punah pisan.[5]

Déskripsi

[édit | édit sumber]

Panjang awak iguana paul antara 20-30 inci, kaasup buntutna.[6] Jaluna nepi ka panjang total 1,5 méter, sarta beurat 14 kg, mun bikang mah kurang lewih 30% leuwih leutik batan jalu.[6] Ieu réptil mangrupa spésiés nu hirup di beungeut taneuh (terestrial), ngan ari iguana ngora mah biasana sok nyumput dina tatangkalan, utamana mah tangkal nu teu pati hésé dihontalna.[1] Iguana paul kaasup sato hérbivora, sok ngadahar bungbuahan, kekembangna, supa sarta dangdaunan, jeung deuih sakapeung mah sok ngadahar larva gegeremet, keuyeup, siput, jeung bangké.[7] Iguana miboga irung nu ngamumkinkeun bisa ngaluarkeun kadah uyah jeung kalium nu kaleuleuwihi.[8] Ieu iguana dipiyakin bisa tahan hirup salila puluhan taun di lingkungan alamina, nyegah tinu morona.[9] Aya hiji iguana piaraan di Brownsville, Téksas, nu ngaranna Godzilla, bisa hirup lilana kurang leuwih 69 taun dina panangkaran.[10]

Dina tonggong iguana paul aya cucukan, sarta éta cucukna téh jegreg, sedengkeun dina handapeun gadona aya jawéran anu ngagayot.[11] Sakum awakna kabulen ku sisit, sarta sawaréh sisit ka beulah sirahna mah rada ngabadagan.[11] Iguana anu ngora mibanda warna dasar kulawa kalawan colat kulawu kolot jeung krém.[11] Nalika geus déwasa, pola rumajana laas, sarta warna dasarna kagenti ku warna dasar bulao kulawu. Sawatara colat poék dipertahankeun di mangsa déwasana.[11] Ieu warna bulao-kulawu mangrupa ciri iguana darat nalika reureuh.[11] Ngan, iguana darat mah leuwih kasohor ku warna biru pirus nu kajadianna salila usum kawin.[11] Balukar tina ieu kajadian, ieu sato katelah ku ngaran iguana paul atawa iguana bulao.[11]

Réproduksi

[édit | édit sumber]

Salila usum kawin, warna paul ieu iguana katara pisan, lantaran iguana jalu mah warnana jadi warna bulao nu leuwih nyacas.[12] Ieu iguana ngalakukeun gerakan sirah bobbing minangkana mah cicirén yén geus datang mangsana kawin.[12] Sanggeus sanggama, iguana bikang ngendog ti mimitin hiji ne pika dua puluhan endog baradag dina bulan Juni atawa Juli dina liang nu geus dikarali na taneuh nu katojo ku panon poé.[13] Suhu di jero sayang kudu angger konstan 32 darajat C (90 darajat F). Iguana bikang nyarukeun sayangna ku cara ngawurkeun dangdaunan jeung rokrak di luhureunana.[13] Saanggeus mangsa inkubasi, anak iguana barijilan tina taneuh tuluy sumebar kana végétasi pangdareukeutna, nu mana ieu anak iguana téh sok diporo ku oray, beurit, jeung prédator lianna.[14]

Status konsérvasi

[édit | édit sumber]

Iguana paul mangrupa salah sahiji spésiés au panggancangna leungit sarta pangkaancamna punah di Marcapada.[15] Nurunna populasi ieu iguana diperkirakeun ti mangsa pra-Kolumbus anu mana ieu iguana téh diporo jang dahareun séké pituin Amérika Arawak jeung Lucayan.[16] Nyirorot pisanna mah basa dimimitianna padumukan Éropa di Kapuloan Cayman.[17] Nalika populasi manusa rumonjat, lahan dibuka leuwih lega pikeun patanian sarta ngembangkeun paimahan jeung komérsialisasi lahan.[18] Kiwari, leungitna habitat téh mangrupa faktor utama nu ngancam kapunahan ieu iguana.[18] Pangwangunan jalan kandaraan ogé ngabalukarkeun rusakna habitat nu terus tumerus sarta geus nganteurkeun kana gancangna kapunahan ka habitat nu nyésa.[18]

Ancaman badag séjénna patalian jeung pamudumukan Éropa nyaéta dibawana sasatoan anu poténsial pikeun nyilih ieu spésiés iguana, kayaning sapi, doma, babi, beurit, ucing jeung anjing.[19] Sahingga ieu iguana nyanghareupan pamoroan atawa pasaingan jeung éta sasatoan doméstik.[19] Aya ogé ieu iguana sacara ilégal kapikat atawa ditémbak ku patani nu nganggap iguana minangka ancaman kana tatanénna.[19] Lembaga The National Trust pikeun Kapuloan Cayman ngabentuk Program Pamulihan Iguana Paul mangsa taun 1990.[19] Ieu program konsérvasi ngawengku panalungtikan, panangtayungan habitat, panangkaran, réintroduksi, sarta atikan konsérvasi.[19] Sanajan nangtayungan 2.000 héktar leuwung garing jeung lahan baseuh bako di Kapuloan Cayman, ari taneuh kalindung nu cocog pikeun ieu iguana mah kawilang langka pisan.[19]

Program Pamulihan Iguana Paul geus ngahasil ngabiakkeun spésiés C. nubila lewisi di panangkaran ti saprak taun 1990.[20] Ieu anggota spésiés dipiara nepi ka umur 2 taun sarta dileupaskeun ka Taman Botani Queen Elizabeth II di Grand Cayman.[20] Ieu iguana ngora téh ngabantu nambahan populasi liar nu aya sarta pikeun ngabentuk populasi liar anyar di kawasan lindung.[20] Iguana paul sagemblengna ditangtayungan ku undang-undang di éta wewengkon sarta dianggap kaancam punah pisan ku IUCN.[20] Mangrupa perkara anu ilégal pikeun maéhan, néwak, atawa nahan ieu anggota spésiés di panangkaran.[20] Komo deui ngadagangkeun ieu spésiés mah dilarang pisan, lantaran kadaptar dina Lampiran I Konvénsi Padagangan Internasional Spésiés Kaancam Punah.[20]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b "The IUCN Red List of Threatened Species". IUCN Red List of Threatened Species. Diakses tanggal 2020-01-08. 
  2. www.icomco.com. "FloridaIguana.com". www.floridaiguana.com. Diakses tanggal 2020-01-08. 
  3. "Grand Cayman blue iguana". Smithsonian's National Zoo. Diakses tanggal 2020-01-08. 
  4. "Blues and Greens - Blue Iguana Recovery Program" (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-01-08.  Archived 2020-01-06 di Wayback Machine
  5. "Zoo is home to many rare and exotic iguanas - Blue Iguana Recovery Program" (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-01-08.  Archived 2017-11-13 di Wayback Machine
  6. a b "Blue Iguana | Reptiles | Animals". www.caribbeanpets.com. Diakses tanggal 2020-01-08. 
  7. USA, IBP (2013-08). Cayman Islands Investment and Business Guide Volume 1 Strategic and Practical Information. Lulu.com. ISBN 978-1-4387-6727-7. 
  8. "Blue Iguana". FOTW. Diakses tanggal 2020-01-08. [tumbu nonaktif]
  9. "Remarkable comeback: blue iguana downgraded to Endangered after determined conservation efforts". Mongabay Environmental News (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-01-08. 
  10. "Amphibians and Reptiles of the Caribbean on West Indian Islands". focusonnature.com. Diakses tanggal 2020-01-08. 
  11. a b c d e f g Lemm, Jeffrey; Alberts, Allison C. (2011-08-09). Cyclura: Natural History, Husbandry, and Conservation of West Indian Rock Iguanas. Academic Press. ISBN 978-1-4377-3517-8. 
  12. a b "Adult Territoriality and Breeding - Blue Iguana Recovery Program" (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-01-08.  Archived 2020-01-19 di Wayback Machine
  13. a b "Eggs and Hatchings - Blue Iguana Recovery Program" (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-01-08.  Archived 2020-01-19 di Wayback Machine
  14. "Grand Cayman Blue Iguana | reptile conservation" (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-01-08. 
  15. "Grand Cayman Blue Iguana takes step back from extinction". IUCN. Diakses tanggal 2020-01-10.  Archived 2018-09-21 di Wayback Machine
  16. Bradley, Patricia E.; Rey-Millet, Yves-Jacques (2013-05-15). A Photographic Guide to the Birds of the Cayman Islands. A&C Black. ISBN 978-1-4081-2364-5. 
  17. "Blue Iguana". Branson's Wild World (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-01-10.  Archived 2019-06-01 di Wayback Machine
  18. a b c "Grand Cayman Blue Iguana | reptile conservation" (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-01-10. 
  19. a b c d e f "Grand Cayman Blue Iguana | International Iguana Foundation". iguanafoundation.org. Diakses tanggal 2020-01-10.  Archived 2018-06-04 di Wayback Machine
  20. a b c d e f "National Trust's Blue Iguana Recovery Programme Awarded $213K in Darwin Plus Funding". National Trust for the Cayman Islands (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-01-10.