Haseup
Haseup nyaéta hasil pembakaran anu henteu sampurna ti bahan - bahan bakar nu tangtu[1]. Ieu hartosna yén lamun lolobana ti bahan bakar anu pangumumna bisa kabeuleum sacara sampurna, lingkungan moal aya haseup. Lolobana ti bahan bakar ngandung karbon, hidrogen, oksigen, nitrogen, saeutik walirang, sarta kamungkinan ogé lebu mineral[1]. Lamun bahan bakar ieu bisa kabeuleum sacara sampurna, hasil ahirna nyaéta karbondioksida, uap cai, sarta nitrogen leupas anu kabéhanana henteu picilakaeun[1]. Lamun walirang aya, sajumlah leutik sulfur dioksida ogé baris dikaluarkeun, sarta nalika zat ieu napel kana hawa sarta uap cai, zat ieu jadi asam anu boga sipat ngarusak[1].
Demi pembakaran anu sampurna, bahan bakar kudu miboga cukup hawa supaya lumangsung oksidasi anu lengkep dina suhu anu luhur[1]. Kaayaan-kaayaan ieu hésé pikeun dihontal, utamana dina bahan - bahan bakar padat, sarta hasilna nyaéta haseup[1]. Antrasit sarta batu arang bisa dibeuleum tanpa ngahasilkeun haseup alatan henteu ngandung zat anu gampang nguap[1]. Tapi batu bara ngora bisa jadi busuk dina suhu anu rada rendah ku kituna gas-gas sarta bahan téh jadi bébas[1]. Gas-gas sarta bahan éta ngagabung kalayan debu sarta lebu sarta ngahasilkeun haseup[1].
Haseup pohara ngarusak[1]. Haseup ngarusak kaséhatan, taneuh, sarta tutuwuhan[1]. Di kota-kota industri, haseup bisa nurunkeun kakuatan sinar panonpoé, utamana sinar-sinar ultraviolet anu pohara penting pikeun kaséhatan[1]. Lamun angin henteu nyebarkeun haseup éta, kamungkinan kota-kota industri baris miboga pepedut-pepedut haseup saban poé[1]. Sabenerna, di tempat lumangsungna pepedut anu haseupan éta, angka kematian mindeng jadi naék alatan panyakit paru-paru sarta jantung[1].
Durukan kai mereun cara pangkolotna pikeun pemanasan sarta masak, sarta geus dipaké ku manusa salila puluhan rébu taun.[2] Pembakaran biomassa, kawas kai, kokotor sato sarta sésa pepelakan, masih dipaké pikeun masak sarta pemanasan ti populasi global, utamana di nagara-nagara nu kurang berkembang.[2] Dina dunya industri, sarta di nagara-nagara kalayan iklim usum tiis, kai sarta biomasa séjénna loba dipaké pikeun produksi panas ku potongan kai di padumukan, kompor sarta perapian.[2]
Haseup ka tutuwuhan akibatna pohara picilakaeun. Haseup pacampur jeung "pernapasan" tutuwuhan sarta nutupan cahaya panonpoé anu diperlukeun éta[1]. Remen ogé, asam dina haseup ngarusak tutuwuhan sacara langsung[1]. Kiwari, loba kota ngayakeun kampanyeu-kampanyeu sacara aktip pikeun ngurangan haseup atawa pikeun nyegahna supaya henteu ngabalukarkeun karuksakan[1].
Rujukan
[édit | édit sumber]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |