Badud
Badud nyaéta kasenian tradisioanl anu asalna ti Dusun Margajaya, Desa Margacinta, Kecamatan Cijulang, Kabupaten Pangandaran. Lokasi utamana aya di tepi ngarai, di gigireun pangkal rawayan gantung anu manjang luhureun walungan. Éta wilayah dijadikeun Kampung Budaya atawa mindeng disebut Kampung Badud.[1] Seni Badud mimiti suciptakeun taun 1868 anu didadasaran kasieun masarakat ku sasatoan leuweung waktu rék ngala paré atawa panén. Ku kituna, dijieun alat anu ngaranna dogdog, dijieun tina awi anu dijadikeun alat musik pamirig kasenian badud. Dina taun 2013, seni badud ngalaman tumpur jeung kakara ahir taun 2014 mimiti dimekarkeun deui kalayan inisiatif padepokan seni badud. Sanggeus kitu, pamarintah Désa Margacinta mimiti museurkeun paniténna kana ieu kasenian buhun ku cara dijadikan kagiatan ekstrakurikuler di sakola di sabudeureun Désa Margacinta.[2]
Pargelaran seni Badud dijieun keur ngareuah-reuah ritual panén di sawah. Konsép peran anu ditampilkeun nyaéta pamaén maké atribut kedok sasatoan anu wujudna monyet, lutung, jeung maung anu dijieun tina bahan basajan luyu jeung kamampuh patani. Para pamaén ngalakukeun gerakan luyu jeung karakter kedok anu dipakéna, rombongan pamaén seni badud leumpang ngareuah-reuah rombongan patani anu mawa hasil panén anu bakal diasupkeun kana lumbung di désa. Salian ti éta, seni Badud ogé mangrupa salah sahiji cara ngusir hama anu bakal ngarusak paré. Ieu hal dilakukeun waktu usum nuar tatangkalan jeung melak binih paré anu dimimitian ku bacaan du'a, mantra jeung rupa-rupa sasajén.[3]
Pintonan
[édit | édit sumber]Pagelaran kasenian Badud lumangsung sapoé sapeuting. Saacan ieu seni dimimitian, dijieun heula sasajén keur ngahargaan para karuhun anu geus tilar dunya atawa rupa-rupa kakuatan anu nangtayungan masarakat sabudeureun Margacinta. Sasajénna ngawengku parupuyan atawa menyan, rujak kembang ros, endog, rujak cau, daging atah, gula batu, roko bangjo, roko surutu, jeung roko warna coklat dua batang. Waktu lakon pagelaran rék dimimitian isuk, sasajén anu geus kakumpul diteundeun di tengah-tengah tempat pagelaran. Lamun aya pamaén anu kaancikan jeung hayang wanda dahareun tinggal nyokot dina tempat éta sasajén. Sakabéh pamaén anu geus kaancikan bakal mikahayang kadaharan anu béda-béda. Contona maung anu geus kaancikan bakal milih daging atah, lamun barongsay atawa ébég bakal milih rupa-rupa wanda rujak. Kabéh pamaén ngalakukeun kabéh gerakan di luar kadalina sabab geus kaancikan.[4]
Kasenian
[édit | édit sumber]Kasenian Badud dina wangun kasenian koléktif kawangun din seni musik, seni tari, jeung seni maén peran atawa drama.[5]
seni musik
[édit | édit sumber]Alat musik anu digunakeun nyaéta dalapan angklung laras saléndro ti mimiti panghandapna nepi ka nada pangluhurna. Ieu angklung dipaénkeun kalayan cara dicekel hiji éwang ku nu maénna.[3] Wanda angklung anu dipaké ngawengku angklung roel hiji, roel dua, aclik, sorolok, ambruk satu, ambruk dua, penerus, jeung jenglong. Alat musik angklung miboga peran salaku melodi rumpaka lagu anu dipaénkeun. Salian ti éta, aya genep dogdog anu dipaénkeun ku genep urang kalayan nada anu pangluhurna nepi ka anu panghandapna. Anapon wincikan.[5]
- Endol, nyaéta dogdog pangleutikna dipaké keur ketukan bubuka ku dalang.
- Dogdog sedeng atawa dungdung, nyaéta dogdog anu leuwih gedé tibatan dogdog endol kajaba cara nabeuhna dibédakeun.
- Dogdog bondol atawa kentrung hiji, miboga peran méré ketukan tetap atawa ketukan tesis,
- Dalang atawa kentrung dua (ambruk), bajidor hiji (badublag), bajidor dua (badublag), nyaéta dogdog anu panggedéna di antara dogdog bajidot hiji jeung dua, miboga peran méré warna tepakan kendang, biasana dogdog badublag méré tanda bakal aya gong atawa méré sora ahir lamun aya goongan. Ieu dogdog miboga sora jiga kendang, sabab sora anu dimunculkeunna ampir sarua jeung tepak kendang. Ngan alat musik dogdog bakal méré nada anu leuwih variatif.[5]
Seni tari
[édit | édit sumber]Dina kasenian Badud, kurang némbongkeun gerak atawa tari sabab harita pertunjukan kasenian Badud masih dipintonkeun dina bentuk kasenian helaran ataw iring-iringan masarakat minangka salah sahiji prosesi neundeun paré kana lumbung désa. Para pamaén nari dina kaayaan kancikan, nepi ka anu katempo ku nu nongton mah gerakan-gerakan sasatoan atawa gerak imitasi kalakuan sasatoan anu luyu jeung kostum anu dipakéna. Lolobana desain gerak tari anu digunakeun nyaéta kalincahan gerak-gerak langkah suku jeung gerak leungeun salaku panyaimbang. Dina pertunjukan nu nari nurutan gerak sasatoan anu diselang ku gerak atraksi ngajleng jeung gugugulingab nepi ka nu nonton kataji jeung resep.[5]
Seni drama
[édit | édit sumber]Seni drama anu aya dina badud tujuanana nyaéta sangkan nu nongton bisa seuri jeung kahibur, saperti waktu nu merankeun aki dan nini muncul keur muka acara ku bobodoran anu khas. Lian ti éta, aya operan jeung bloking waktu muncul pamaén anu ngagunakeun kostum sasatoan diaping ku aki jeung nini. Adegan tadi bisa jadi plot atawa galur cerita. Sanajan ieu hal teu kapikiraj ku seniman nu nyiptakeunana. Peran-peran dina pertunjukan, saperti peran monyét, bagong leuweung, maung, kuda lumping, barongsay, aki-aki, jeung nini minangka peran anu luyu jeung téma carita nundipintonkeun. Ayana peran sasatoan anu dianggap ngarusak pepelakan paré di sawah jeung peran aki jeung nini salaku nu boga pakayana.[5]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Andi Nurroni (2016-08-08). "Ficer: Seni Badud Menolak Punah". Swarapangandaran.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-05-06. Archived 2019-04-24 di Wayback Machine
- ↑ Nurohmah, Ulfah (2018-08-20) (dalam bahasa id). Sejarah dan pelestarian Seni Badud sebagai upaya meningkatkan kesadaran budaya Desa Margacinta Kabupaten Pangandaran Tahun 2013-2017. UIN Sunan Gunung Djati Bandung. http://digilib.uinsgd.ac.id/13587/. Archived 2021-05-06 di Wayback Machine
- ↑ a b https://warisanbudaya.kemdikbud.go.id/dashboard/media/Buku Penetapan WBTb 2018.pdf
- ↑ irvansetiawan (2018-01-08). "Badud Margacinta". Balai Pelestarian Nilai Budaya Jawa Barat (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-05-06. Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e http://file.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/195901011986011-RUSWENDI_PERMANA/Pertunjukan_Kesenian_Tardisional_Badud_Di_Kecamatan_Cijulang.pdf